Senin, 20 Februari 2012

contoh biantara

NGAMUMULE BASA SUNDA

            Assalamu’alaikum Wr . Wb
Langkung ti payun simkuring seja ngahaturkeun nuhun ka Bapa pembimbing,
rehna simkuring dipasihan waktos kanggo sasanggem dina ieu riungan. Sajabi ti eta, simkuring neda hapunten, bilih dina ieu pisanggem seuer kakiranganana.
            Hadirin anu sami linggih nu kusimkuring dipiasih tur dipiajrih. Sateuacana simkuring ngabaladah medar tutungkusan kolbu luyu sareng tema anu baris didugikeun nya eta : “ Ngamumule Basa Sunda “ , bawiraos asa teu aya lepatna upami dina lolongkrang ayeuna , urang  sami-sami namperkeun ati sanubari kana murah asihna Gusti Nu Mahasuci , anu murbawisesa alam mayapada katut sanes kanten mahluk ciptaaanana. Margi mung ku pangersa mantenna urang tiasa nampi pirang-pirang kabagjaan sareung kani’matan, utamina nimat islam sareung nimat iman.
            Hadirin anu sami linggih, nu ku sim kuring dipiasih.
            Dimangsa kiwari lakuning hirup urang munggaran ku pangaruh kamekaran budaya zaman. Balakurna luyu sareng kanyataan tos seueur rumaja urang anu kirang merhatoskeun Basa Sunda. Utamina di sabudereun kahirupan nonoman harepan bangsa,                                    buktosna tos seueur rumaja urang, anu ngaraos asa ginding upami tos tiasa ngahariring lagu asing , lagu pop, jeung sajabana. Tibatan kedah ngahariring dangding nu dipiring ku kacapi  suling.
            Padahal mah para pamuda urang teh kedah reueus, panan ayeuna mah Basa Sunda teh tos tiasa gelar di dunia internasional, bahkan ayeuna mah geus loba turis asing anu hayang diajar jeung bisa Basa Sunda. 
            Tah kusabab kitu urang salaku masyarakat Sunda khususna para nonoman harepan bangsa kudu bisa ngamumule Basa Sunda. Sabab Basa Sunda teh mangrupakeun ciri khas urang salaku masyarakat Sunda anu bisa ngarakeutkeun tali duduluran diantara urang sarerea,sapertos sisindiran nu kusimkuring baris didugikeun:
            Kakulah nyair kapiting                               Cukleuk leuwueng cukleuk lamping          
            Ngocok lobak bobodasna                           Jauh ka sintung kalapa
            Ulah sok poho kanu penting                      Basa sunda teh emang penting
            Nyaeta sundaanana                                    Pikeun budaya urang sadaya

                                                
                                                 
   Kanikir siki kanikir
                                                  Cangkudu beunang panimu
                                                  Kapikir beuki kapikir
                                                  Ngamumule basa sunda teh emang perlu    
            Sakitu anu kapihatur, tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan, hapunteun anu kasuhun. Mugi sanaos mung alakadarna, aya mangpaatna kanggo urang sadaya. Billahi topik wal hidayah.
            Wassalamu’alaikum Wr . Wb         

2 komentar: